• Sitemap
  • Privacy Policy
  • Contact Me

Blog Kunzs™

Official Blog Of Kun Fauzi

  • Blog
    • Tutorial
    • Template
    • SEO
  • Download
  • Game
  • Info
  • Tips Dan Trik
  • Lainnya
    • Android
    • Pengetahuan
Home » Info » Pengetahuan » Kumpulan Pribahasa Sunda + Artinya

Kumpulan Pribahasa Sunda + Artinya

Pada Saat Ini Saya Akan Membagikan Kumpulan Pribahasa Sunda Beserta Dengan Artinya.
Kebetulan Saya Orang Sunda (Bandung), Jadi Saya Akan Share Pribahasa Sunda + Artinya.



Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha
Adep hidep = kumawula (ka salaki)
Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate
Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka-sangka
Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana
Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan
Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
Asa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean
Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah
Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae
Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan
Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju
Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki
Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur
Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja
Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung
Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan
Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan
Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri
Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung
lemes
Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun
Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna
Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah
Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil
Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya
Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis
Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan
Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan
Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep
Bujang tarangna = lalaki nu can kawin geus teu bujangan deui
Buburuh nyatu diupah beas = diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan
Buncir leuit loba duit = taya kakurang
Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding
Buruk buruk papan jati = burung palung dulur sorangan = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur, tapi ari menang karerepet mah teu weleh haying nulungan
Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate
Caang padang narawangan = caang piker
Cacarakan = kakara diajar, tacan bias bener
Cadu mungkuk haram dempak = sumpah yen bener-bener embung ngalampahkeun salah sahiji perkara
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan
Ceuli lentaheun = sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana
Ceplak Pahang = satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngenah kana hate batur oge
Ciduh jeung reyhak = sarua gorengna atawa sarua goring adat
Clik putih clak herang = rido, iklas, kaluar tina hate anu bersih
Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu deukeut teu nyaho yen baraya atawa teu nyaho kajadian penting padahal deukeut
Dibejerbeaskeun = dieceskrun, ditetelakeun, dijentrekeun nepi ka bubuk leutikna
Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak balik
Didagoan ku seeng nyengsreng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoe
Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saestuna geus ditangtukeun ti heula ku pangeran
Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan
Ditangtang-tengteng dijieun bonteng sapasi = digulang gaper
Dogdog pangrewong = milu nyarita minangka estra
Dosa salaput hulu = loba pisan dosa
Dug hulu pet nyawa = digawe beurat meh taya eureuna
Elmu ajug = elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan saukur mamatahan batur
Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar elmu pikeun kasalametan
dunya aherat
Euweuh elmu panungtungan = elmu mah moal aya beakna sanajan nepi ka ajal oge
Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi teu wani adu hareupan
Galak timburu = babari timburuan
Galegeh gado = sareseh, serewel, someah, akuan
Gede-gede ngadage = gede awak tapi euweuh kawani
Gede gunung panaggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dunya anu dipake andelan
Gede hulu = adigung
Gemah ripah low jinawi = gegek cacah jiwana sarta raharja
Gentel keak = meh tara lesot (budak ti indungna)
Genteng-genteng ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput
Gereges gedebug = ngalampahkeun pagawean teu di piker panjang heula
Getas harupateun = babari ambek
Geus aya dina pesak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna
Geus aya kembang-kembangna = geus aya anu nimbulkeun harepan kana hasil nu dimaksud
Geus bijil bulu mayang = geus baleg
Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu ngenaheun atawa nu matak susah
Geus turun amis cau = geus mangkat beger ( awewe)
Gindi piker belang bayah = goring hate
Ginding bangbara = resep ginding jeung royal ngarah katingal ku batur
Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit
Goring peujit = goring hate
Goring sisit = goring milik
Gugon tuhon = kukuh, satuhu
Gulak giluk kari tuur, herang-herang kari mata,teuas teuas kari bincurang = asal beunghar jadi miskin,teu boga naon-naon
Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangena
Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan
Gurat cai = teu puguh jangjina, sok robah tangtungan
Hade gogog hade tagog = hade basa , budi parangi, jeung sikep ; nyaho tata titi

Posted by Unknown on Rabu, 12 Maret 2014 - Rating: 4.5
Title : Kumpulan Pribahasa Sunda + Artinya
Description : Pada Saat Ini Saya Akan Membagikan Kumpulan Pribahasa Sunda Beserta Dengan Artinya. Kebetulan Saya Orang Sunda (Bandung), Jadi Saya Akan ...
Tweet

Posting Lebih Baru
Posting Lama
Beranda
Langganan: Posting Komentar (Atom)

Artikel Populer

  • Kumpulan Pribahasa Sunda + Artinya
  • 3 Situs Game Flash Terbaik
  • Kumpulan Situs Tempat Hosting File Gratis

Label

  • Info
  • Other
  • Pengetahuan
Copyright © 2014 Blog Kunzs™
Design by Kunzs | Thanks to Mas Sugeng And Fajri Andaviar - Powered by Blogger